Pedaran Ngeunaan Maca Warta

Warta atawa nu dina basa Indonesia disebut berita miboga kalungguhan anu kacida penting dina kahirupan sapopoe. Ku ayana warta bisa jadi salah sahiji jalan urang bisa mikaweruh naon nu geus, keur atawa bakal lumangsung di sakurilingrun urang, boh sacara lokal, atawa global. Ngaliwatan warta eta, nu tadina teu nyaho nanaon jadi nyaho kana sagala rupa perkara.

Kiwari tehnologi beuki canggih. Urang beuki gampang pikeun meunangkeun beja atawa informasi nu ku urang dibutuhkeun. Dina warta nu alus, sakabeh informasi ngeunaan hiji hal baris ditulis atawa ditepikeun kalawan runtut tur lengkep. Misalna naon nu keur kajadian, iraha kajadiannana, di mana tempatna, naon nu ngalantarkeunana, saha wae nu kalibet di jerona, kumaha kaayaan tur baukarna, jeung sajabana.

Patalina jeung maca atawa nepikeun warta, upama urang hayang bisa nepikeun warta kalawan alus, aya sawatara hal nu kudu dipehatikeun, di antarana ditataan di handap.
  1. Saacan maca warta, urang kudu paham heula kana eusina kalawan bener
  2. Ilo kalawan gemet warta nu rek ditepikeun
  3. Perhatikeun kecap-kecap nu nurutkeun urang kaasup hese dipikaharti tur kumaha cara ngucapkeunana nu bener
  4. Dina prakna nepikeun warta, perhatikeun sora urang, sakumaha tarikna sangkan bisa kadenge jelas ku kaom dangu
  5. Artikulasi nu jentre
  6. Lentong nu merenah
  7. Bisa ngabedakeun iraha waktuna alon jeung iraha waktuna gancang
  8. Sikep
  9. Paningal, ulah tonggoy teuing kana naskah warta nu keur dibaca, sakali-kali urang kudu ngabagi paningal ka pamiarsa

Belum ada Komentar untuk "Pedaran Ngeunaan Maca Warta"

Posting Komentar

Komentar dimoderasi
Komentar akan muncul apabila disetujui oleh penulis

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel